Barudak ayeuna geus teu bireuk deui kana istilah website, milist, email jeung sajabana. Abdi oge optimis yen para alumni SKL-NB alias kaum Non Aktif tos terbiasa ngamanpaatkeun eta “produk internet” teh. Mung nu ku pribados kaalaman, dugi ka ayeuna, warga Ambalan teu acan tiasa ngamanpaatkeun eta produk. Aya sababaraha Pe Er nu ku urang kedah diemutan teras ditindaklanjuti.
1. Kanggo lumangsungna website SKLNB, urang kedah ngagalang dana kanggo ngabayar iuran web hostingna. website benten sareng blog ieu mah, dimana dina website, aplikasina langkung lengkap.
2. Urang bangun deui milis skl-nb. kukituna, mangga anu gaduh email, kirim alamat emailna ngalangkungan komentar kana ieu artikel.
3. Teu aya salahna urang salaku alumni janten bagian tina sumber daya nu tiasa bersinergi sacara epektip guna meningkatkan kualitas sareung kuantitas ambalan SKL-NB. Mudah-mudahan usaha ieu janten salah sawios tina MATA RANTAI PENINGKATAN KUALITAS SDM MASYARAKAT INDONESIA.
Sakitu rupina nu tiasa kapihatur. Diantos komentarna. Wassalam
Deden Rudiansyah, Pradana SKL 27





Komentar