Archive for July, 2006

api ungun

api unggun

Foto api ungun yang diambil ketika acara reuni di Pengalengan.

Request : kapan agenda berikutnya?

Informasi Hasil Silaturahmi

Kahatur Akang-akang sareng Teteh-teteh dimana bae ayana�.!!!!

Langkung tipayun sim kuring saparakanca bade nyuhunkeun di hapunten wirehna nembe tiasa ayeuna ngabewarakeun hasil tina acara Silaturahmi Alumni PRAMUKA SKALA-BHAKTI di Pangalengan nu dilaksanakeun kaping 24-25 Juni 2006.

Peryogi kauninga kusadaya Akang-akang sareng Teteh-teteh alumni,�� nu tiasa hadir ngaluuhan silaturahmi ieu diantawisna :

  • Pa. Entom, Pembina pang Seniorna alhamdulillah masih sehat yuswana parantos 75 tahun dan beliau menyampaikan salamna kanggo sadayana anu teu tiasa hadir.
  • Pembina nu nuju aktip danget ieu aya 2 urang (Ibu Popon sareng Pa.Nadwa)
  • Angkatan 1, Teh Betty Mayawati
  • Angkatan 2, Teh Dintje Andriani
  • Angkatan 3, Teh Iis Mulyani
  • Angkatan 4, Teh Ine Yulianingsih, Teh Nani Yubaningsih, Teh Reni, Teh Dewi Krisnawati, Kang Anton
  • Angkatan 5, Teh Tetty Sumiati, Kang Lili Jek
  • Angkatan 6, Teh Susilawati, Teh Leti , Kang Tri Bagus S, Kang Budi Haryadi, Kang Denny
  • Angkatan 7, Teh Dewi S.
  • Angkatan 12, Kang Eko Nugrohooso, Kang Budi Haryadi..g alamnya untuk yang tidak dapat hadir
  • Angkatan 15, Teh Ellin Dewi Marlina
  • Angkatan 18, Kang Mulyawan Syah
  • Angkatan 23, Teh Rani Rachmawati, Teh Yanti Sartika
  • Angkatan 26, Kang Wahyu Permana, Kang Ridwan Hanri, Kang Mast Rasyid
  • Angkatan 27, Kang Andar MZN, SKL, Kang Donna Alkautsar
  • Angkatan 31, Kang Egi, Kang Aditya. Kang Danis M, Kang Tri Adzaniar, Teh Maya, Teh Fita, Teh Henni, Teh Sri Ratna
  • Angkatan 32, Teh Anis

Janten anu hadir ngaluuhan. Ieu acara silaturahmi upami teu aya nu kalangkung aya 40 urang. Alhamdulillah sadaya acara tiasa kalaksanakeun kalayan lancar tur meriah margi sadaya nu hadir ngiring berpartisipasi nyukseskeun acara ieu.


Salah sawios kamupakatan anu di putuskeun dina acara silaturahmi ieu diantawisna :

  • Silaturahmi kanggo taun payun bade diayakeun di Kota Tasik, Koordinatorna Kang Lili, Kang Denni & Teh Iis
  • Program Yayasan SKALA-BHAKTI anu pang caketna nyaeta program Bea Siswa kanggo 24 siswa berprestasi @ Rp. 500.000,- anu bade disanggakeun dina ULTAH Emas SMA1 Tasikmalaya sasih September 2006
  • Parantos dibentuk KOPERASI SKALA-BHAKTI serba usaha, kukituna mangga para alumni dihaturanan lebet janten anggotana, persyaratanna mung mayar iuran Pokok Rp. 100.000,- teras iuran Wajib Rp. 10.000,-/sasih
  • Parantos ditunjuk koordinator ti masing-masing angkatan, supados gampil kanggo ngadugikeun informasi-informasi ka alumni
  • Di sarankeun supados Ambalan gaduh data anggotana ti ngawitan angkatan 1 dugi ka terkhir dilengkapan ku jabatanna, ha lieu manfaatna kanggo data sejarah ambalan.

Rupina dongeng singkat ti sim kuring sementawis dicepakpeun heula bae sakieu, tangtos upami laporan panitia parantos rengse insya Alloh bade di bewarakeun oge kasadayana.

Wassalam,

Ine Yulianingsih (Angkatan IV)